Friday, January 28, 2011

SMA Pasundan 1 Bandung Nataharakeun SSN

Nyiar elmu kari prakna. Asal leukeun jeung keyeng, piraku teu hasil pamaksudan. Ngan, tangtu pihak sakola ge ngayakeun rupa-rupa tarekah sangkan barudak nu nyiar elmu di eta sakola boga kamampuhan nu cukup luyu jeung tingkatan sakolna. Ku lantaraan kitu, keur ngarojong ajen atikan SMA Pasundan 1 Bandung keur tatahar sangkan eta sakola kaasup kana Rintisan Sekolah Standar Nasional (RSSN).

Sakola-sakola nu aya dina papayung Paguyuban Pasundan, boga ciri jeung udagan mandiri. Barudak nu nyiar elmu di nya dipiharep pengkuh agamana, luhung elmuna, jeung jembar budayana. Eta ciri umum, magrupa visi katut misi sakola-sakola Pasundan. "Sagala rupi kagiatan sakola neueul kana visi katut misi atikan di Paguyuban Pasundan," ceuk Wawan Hernawan S.Pd., Kepala SMA Pasundan 1 Bandung.

SMA Pasundan 1 nu perenahna di Jalan Balong Gede, dipuseur kota, kiduleun alun-alun Bandung teu weleh boga karep ngaronjatkeun ajen atikan. "Pihak sakola nuju nataharkeun kanggo lebet kana standar nasional," pokna basa ngobrol di kantorna sawatara waktu ka tukang.

SMA Pasundan 1 Bandung, kaasup salah sahiji sakola pinunjul di lingkungan SMA Pasundan. Matak, teu aneh teu sing upama eta sakola teu weleh jadi pamungpungan barudak nu boga karep nyiar elmu di SMA.

Upama loba sakola sawasta nu saateun murid, SMA nu dipingpin ku Wawan Hernawan mah teu kitu. Ti waktu ka waktu muridna terus nambahan. Kiwari SMA Pasundan 1 boga murid leuwih ti sarebu urang, kaasup jumlah murid nu loba keur hiji sakola. Nilik kana jumlah siswa, memang, jadi salah sahiji bukti SMA Pasundan 1 meunang kapercyaan ti masarakat. Nu sarakola ka dinya, lain wungkul urang Bandung, tapi deuih ti daerah-daerah sejen.
Mere Pilihan

Keur nu ngokolakeun SMA Swasta, bisa jadi loba nu hariwang. Malum, panggero sina sarakola teh sina ka SMK. Cenah, satutas di SMK mah bisa asup kana dunya gawe. Malah, kawijakan pamarentah ngahangkeutkeun SMK ge terus ngageder. Rupa-rupa iklan layanan masarakat teu weleh kapireng dina rupa-rupa media masa. Pamarentah ngancokeun babadingan 70 persen SMK, 30 persen SMA. Udangan babandingan jumlah sakola saperti kitu, jadi 'tangtangan' keur pihak pihak nu ngokolakeun SMA swasta.

Kumaha tarekah SMA Pasundan 1 Bandung? Eta sakola teu weleh nataharkeun sagala rupa jurus jeung tarekah. Keur ngaronjatkeun ajen atikan, ceuk Wawan Hernawan, misti nete taraje nincak hambalan. Upama miharep atikan luyu jeung nu dipiharep, saperti nyangking jujuluk standar nasional, hartina kudu ditataharkeun sagala rupana. "Ngawitan nataharkeun guruna," pokna. Lain kakara pok, tapi geus jeung prakna. guru-guru di SMA Pasundan 1 remen miluan palatihan-palatihan nyanghareupan pakalangan anyar, asup kana sakola standar nasional tea.

Satutas nataharkeun guruna, kakara prak dina prosoes KBM-na. "Ngawitan taun ajaran anyar," pokna. Ku lantaran kitu, ceuk kepala sakola, narima murid ge diwatesanan.

Barudak nu sarakola di SMA teu sacara husus sina langsung boga kaparigelan keur nyanghareupan dunya gawe. Tapi, pihak SMA Pasundan ge engeuh, barudak kudu kudu boga karancagean nu guna saupama teu langsung neruskeun kuliah. Ku lantaran kitu, sakola ge nyadiakeun pelajaran husus saperti IT jeung Otomotif. Barudak bisa milih atikan kaparigelan luyu jeung karep msing-masing.

Ti waktu ka waktu, SMA Pasundan 1 terus mekar. Ieu sakola ngahontal 'prestasi' nu pikareueuseun balarea. Ajen sakola kawas kitu, oge ngalantarankeun SMA Pasundan 1 beuki pada mikawanoh. Saterusna, satutas barudak lulus SMP/MTs, loba nu boga karep neruskeun sakola ka SMA Pasundan 1 Bandung.

Ditulis Oleh : Vicky Sonya Hari: 8:38 AM Kategori:

0 comments:

Post a Comment