Friday, January 28, 2011

Baju Panganten Pulas Emas

Ku Us Tiarsa R.

Ari embung, rek kumaha deui? Saleuheung teu bogoh wungkul mah, kapaksa-kapaksa oge meureun daek we ngalayanan. Ieu mah keur teu bogoh teh, ah, teu hayang we. Ongkoh awak asa pasiksak tas nangtung meh opat jam. Teu mararatut-mararatut oge diberenyeh-berenyehkeun biwir teh, ambeh katembong rada amis, tamba jamedud teuing.

Kakara bisa cucul-cucul teh ngahaeub ka magrib. Mani asa areungap. Tuur leklok. Leungeun ge karasa cangkeul. Balas sasalaman. Lain hajat leuleutikan. Bapa sasat mupugkeun tali kanjut. Hajat pamungkas. Euweuh deui kawinkeuneun. Ondangan nu datang ge leuwih ari sarebu mah. Kahayang kuring hajat di hotel bintang opat teh. Ambeh ari beres teu kudu gura-giru balik, da disayagikeun kamar dua. Nu hiji mah suit room keur honey moon. Nu hiji deui VIP, bisi aya kulawarga nu rek marengan. Digugu, da nu mayarna, bapana Mas Edo. Dina emprona mah taya saurang-urang acan nu maturan. Salurti kituna mah. Paduduaan we.

Kaciri kolot teh barungaheun pisan, kuring daek dikawinkeun tereh-tereh teh da tadina mah teu weleh nolak. Rarasaan teh can manjing umur. Kakara beres kuliah. Kahayang teh ke heula, itung-itung nyeunghap, sakola saumur-umur. Kudu gura-giru kawin teh meungpeung abah jagjag keneh, ceuk umi mah. Sabalikna, ceuk abah, meungpeung umi jagjag keneh. Ongkoh pisalakieunana oge apan geus ngadagoan kuring ti keur di SMA keneh.

Rada reuwas basa Mas Edo jeung kolotna datang nanyaan teh. Euweuh iber ti tadina. Ujug-ujug nanyaan weh. Asa teu kungsi silitalek. Enya ari deukeut tea mah jeung Mas Edo teh. Ti keur di SMP keneh malah, sok mindeng ka imah. Deukeut kitu we teu dibarung ku rasa sejen, komo make aya sir mah. Asa ka lanceuk. Atuda babaturan Kang Eri, lanceuk kuring nu panggedena. Harita ge, kuring keur di SMP kelas dua, Kang Eri jeung Kang Edo mah geus karuliah. Boh kulawarga Mas Edo boh kulawarga kuring, sok silianjangan. Komo sanggeus Kang Eri kawin ka barayana Mas Edo mah, asa katalian. Beuki raket we duduluran teh.

Umi mimitina mah. Keur kelas tilu SMA, kawas nu ngocal-ngocal. Pajah teh, umi mah atoh mun Mas Edo jadi minantu. Teu kagok mianak. Kahayang umi teh pada ngaheueuhan, pangpangna mah ku Kang Eri jeung Ceu Emay. Ari sorangan, teu sirikna jejebris. Teu hayang. Teu bogoh saeutik-eutik acan. Piraku kudu kawin ka lalaki nu sasat geus jadi lanceuk pituin. Teu. Teu boga niat kawin tereh-tereh deuih. Piraku ari Kang Eri jeung Ceu Emay tamat kuliahna, ari kuring kudu enggeusan semet SMA. Asana teh, teungteuingeun umi mah. Naha teu dikawinkeun ka Ceu Emay we bareto teh. Babad ari jeung Ceu Emay mah, umurna teu ganjor teuing. Geuning Ceu Emay kalah kawin ka urang Prancis.

Ti harita, ngahaja rada ngajauhan Mas Edo teh. Teu cara sasari, diuk ge sok hayang pagegeye. Lalajo mindeng. Ka mana-mana sok diaanteur. Rarasaan teh da ka lanceuk tea. Teu ragab teu naon. Tapi da Mas Edona ge teu asa-asa. Nyaan miadina teh. Sugan sok beda kituh, pedah deukeut jeung kuring, parawan nu sumedeng beger. Mas Edo mah angger, ngaping ngadidik. Keur SMP remen dianteurkeun ka sakola, dibonceng kana motor. Geus di SMA, malah keur kuliah ge, kitu keneh we. Bedana teh ganti tina motor kana mobil. Ku umi dititah nganteur ka dokter ge, daekeun we. Lain ka kuring wae kituna teh, ka Ceu Emay ge sarua. Memeh boga salaki mah, sagulung sagalang we jeung Mas Edo teh ilaharna adi lanceuk.

Boh Ceu Emay boh kuring, teu boga rasa bogoh teh atuda Mas Edona kawas nu teu beger. Rengkak paripolahna ge siga awewe. Tara kabejakeun sok ngaheureuyan awawa ti keur sakolana oga. Eta pangpangna mah, pangna kuring teu bogoh oge, asa papada awewe. Lain kitu ari lalaki mah. Kuring mah hayang teh ka lalaki nu nyaan lalaki. Lain nu palaya-peleye kawas Arjuna. Hayang ka nu dangah kawas Gatotkaca. Ari Mas Edo, karesepna teh kalah kana masak, nyieun desain baju. Lalaki naon siga kitu.

Henteu wani ari nyebut Mas Edo banci mah. Da ari papakeanana mah angger cara ilaharna lalaki. Tapi ana ditelek-telek, kawas bogoheun ka Kang Eri. Basa Kang Eri kawin ge, Mas Edo mah kalah indit ka Singapur. Pajah teh riset. Ketang, eta mah panyangka kuring we. Teu diobrolkeun ka sasaha ge, bisi suudon.

Mas Edo nu ngalaanan pakean panganten jeung memeres buuk urut disasak oge. Teu sirikna salambar-salambar disisiran make cai. Atuda nu nyieun rarancang pakean panganten oge Mas Edo. Pidua-bulaneun deui ka akad, geus anggeus baju panganten keur kuring teh. Ngahaja rada digedean, saluhureun ukuran awak kuring. Model kiwari mah fenomenal look tina singset kana gobroh, pajahkeun teh. Sabodo teuing. Teu nyaho teusing kana sual mode mah. Kuma ahlina we. Dina emprona mah angger we sabudeur awak diopnesel, da cek kuring, teu saringset asa gabrah-gobroh, siga meunang nginjeum. Apik pisan. Pakean teh diasupkeun kana pop nu teu sirahan tea.

Sibeungeut we, da rariged, beungeut panganten tea, diriasna ge apan sakitu kandelna. Acan mandi mah. Engke we ari lilir, kajeun tengah peuting ge. Teu kuat ku tunduh. Teu sirikna lep-lepan keur solat magrib oge.

Mas Edo mah gancang cucul-cuculna teh da lalaki. Beskapna digantungkeun ngahiji jeung calana sontog nu tungtungna dipasmen. Cenah mah gaya campuran antara modeu Barat jeung Sunda. Teuing, nu karitu mah Mas Edo ahlina. Salin ku piama kekembangan, bungur saulas, karesepna jeung karesep kuring deuih pulas bungur ngora teh. Diuk dina ranjang, gigireun. Sukuna ngarumbay kana karpet kandel nu ngampar sakuliah kamar.

Kadenge sawareh, basa Mas Edo, nyekelan peupeuteuyan. Ramo dirames. Bari nyium tarang, Mas Edo nyarita lalaunan.

"Sing jongjon we kulem. Wengi tadi apan teu kulem," pokna. "Bilih ngaganggu, Edo mah bade beberes di kamar nu itu." Angger, da ti bareto ge sok nikukur Mas Edo mah.

Pakean panganten teh diringkid ka kamar VIP di peuntaseun ngan kahalangan ku gang wungkul. Surtieun pisan salaki teh, peuting eta mah kuring embung kaganggu, hayang sare tibra, itung-itung mayar hutang. Teu sarena ge aya we tilu peuting mah, rek hajat teh. Atoh ditinggalkeun teh. Balik-balikanan aya di kamar. Ragab. Teu bisa disumputkeun, embung! Kacipta mun kudu papanganten jeung Mas Edo. Asa, asa naon kitu? Ah, garila we. Ragab.

Inget ka dinya, pitunduheun teh bet ngurangan. Ras kana nasib. Boga salaki teh bet, beda pisan jeung kahayang. Apan kuring mah resep teh ka tukang maen bal, tentara, pilot, atawa nu sok ngalalana. Ari koceplak teh meunangkeun lalaki miyuni bikang. Breh umi ngalangkang dina ingetan. Nu kitu tea mah umi. Bongan maksa. Rek dibales, sina ibur, kuring teu daek ngalayanan nu jadi salaki. Ti peuting munggaran tepi ka iraha wae oge, moal. Carekna moal teh, moal.

Tapi lila-lila bet jorojoy aya rasa karunya jeung make sieun doraka sagala. Apan Mas Edo teh ayeuna mah geus jadi salaki. Tadi beurang ijab kobul di hareupeun wali jeung panghulu. Pisakumahaeun teuing benduna abah jeung umi mun seg uningaeun kuring teu baleg. Teu daek ngalayanan nu jadi salaki.

Pangna tepi ka dirapalan oge apan kuring geus nyebutkeun daek barang dilamar oge. Enya ari ukur mamanis lambe tea mah. Kapaksa bakat ku hayang mulang tarima ka nu jadi kolot. Umi pangpangna mah apan sakitu tipoporosena hayang minantuan ka Mas Edo teh. Doa mah doa, merul saban waktu. Tatanya ka saban austad. Puasa ge umi mah teu kalis ku nyenen-kemis. Saum Daud ge da can kungsi ompong ari lain aya ondangan ti dulur landes mah. Da enya, cek batur, malah cek umi ge, Mas Edo teh kasep, anak nu jegud, bapana ge apan diplomat senior. Cek batur mah, nu hayang ka Mas Edo teh kuring atawa umi?

Kungsi aya beja pajah Mas Edo rek kawin ka barayana papada ti Jogja. Na da umi nu bayeungyangna mah, meh-meh ngajungkel apan, mun teu pada- ngupahan, pada-ngubaran ku sobat-sobatna mah. Ari kuring mah jongjon we, malah make atoh sagala Mas Edo aya jodo teh. Nyaan, rek ngajak Ceui Emay jeung Kang Eri, nganteur Mas Edo seserahan.

Merenah kitu mun Mas Edo diteungteuinganan ku kuring? Naon dosana? Asa teu kitu teu kieu, der panganten awewe pista. Awewe nanahaon atuh kuring teh? Batur mah dibelaan dudukun apan hayang deet jodo teh. Neangan nu kumaha deui Teu meunang kitu ari jadi jelema. Eta teh sarua jeung mangnyerikeun batur. Ngijing sila bengkok sembah ka nu jadi salaki. Dosa gede! Cek sorangan kitu the. Nyaho, da sok ngaji ti leuleutik oge. Tapi ari embung?

Lalaunan turun tina ranjang. Kakara sidik, kamar teh disaput ku tileu semu bungur, sepre jeung sarung bantal, bungur ngora dipelat kaen bungur kolot. Nu kieu meureun nu disebut romantis teh. Lampu oge lain lampion atawa neon nu ngebrak, ieu mah dicaangan ku lilin, siga damar sewu.Kembang eros beureum dina bokor emas. Hiji dina meja toilet nu hiji deui dina meja leutik sisi ranjang.Eunteung satangtung-satangtung di gigir jeung di tunjangeun. Ngahaja ku desainer hotel, keur nu oleng panganten.

Leumpang ka sisi. Hordeng kandel diserelekkeun. Fitraseu bodas nyacas matak parat titingalan ka luar hotel. Kamar panganten teh ayana di tahap ka dalapan. Di handap, tembong jalan but-bat. Cahaya lampu mobil masih keneh kaciri pasuliwer. Gap kaca tukangeun ftraseu teh dicabak. Sidik kandel. Tapi mun dibanting ku korsi mah, piraku teu rujad. Awak kuring ngalayang, gebut ninggang aspal. Beres weh pasualan teh. Kuring teu tulus papanganten jeun Mas Edo. Pasti karasaeun ku umi, nyerina hate awewe nu kawin ka lalaki nu teu dipikabogoh. Enya sina karasaeun.

Nanaonan, cek hate keneh. Istigfar sababaraha kali. Moal ari tepi ka maehan maneh onaman. Asana bakal sarua nyerina, maehan maneh jeung maksa maneh sing daek ka Mas Edo. Enya, mending keneh milih papanganten jeung Mas Edo nu puguh geus jadi salaki.

Gilig. Rarasaan teh asa ngararemplong teu sumpeg teuing ari geus milih jalan sorangeun mah. Rap didaster ipis, kado ti manajer hotel. Teu diketrok panto kamar Mas Edo teh. Teu dikonci. Bray dibuka. Breh teh, hareupeun kaca satangtung, panganten awewe. Sagala rupana nu tadi beurang dipake ku kuring. Kabaya panjang sutra pulas emas. Tukangna ngagapuy. Teu ngarenjag teu naon kuring asup teh. Barang malik, tembong panganten teh kacida geulisna. Kuring mah teu satungtung curukna. Geulis teh estu kawanti-wanti.

"Kumaha At, sae nya acuk panganten teh?" pokna. " Ti barang ningal Atih rap nganggo acuk di tempat rias tea, tos kumejot, hayang sarap-rapeun nganggo anggoan panganten. Hayang leuwih geulis batan Atih."
Kuring calangap keneh, asa can kumpul pangacian. Manehna geus leumpang, teu beda ti model nu keur leumpang dina cat-walk. Gek diuk dina dipan, andalemi.

"Mas Edo?" pok teh semu ngajerit.

Manehna unggeuk bari imut saulas. Tapi saterusna mah ngahuleng. Aya nu merebey tina biwir panonna nu make bulu panon perak.

"Meh saban wengi Edo sok dangdan, ngelemet ka luar ngahiji jeung nu sanasib, di taman, di kleub, atanapi dugem. Nanging nembe wengi ieu asa kacida bagjana. Kalaksanakeun nganggo raksukan panganten meunang ngararancang sorangan.

Dicutat tina Majalah Mangle

Ditulis Oleh : Vicky Sonya Hari: 8:45 AM Kategori:

0 comments:

Post a Comment